Buk Bujangga Manik

Saur sang mahapandita / “Kumaha girita ini ?” / Mana / sinarieun teuing / Teka ceudeum ceukreum teuing ? / Mo hanteu nu kabengkengan.” Saur sang mahapandita :  / “Dimana eta geusanna ? / Eundeur nu ceurik sadalem, / Seok nu ceurik sajero, / Midangdam sakadatuan. Mo lain dipakancilan: / Tohaan eukeur nu mangkat, / Prebu Jaya Pakuan.”

Saurna karah sakini: / “Ambuing, tatanghi tingal, / Tarik-tarik dibuhaya. / Pawekas pajeueung beungeut / Kita, ambu, deung awaking / Hengan sapoe ayeuna./ Aing dek leumpang ka wetan.” / Saanggeus nyaur sakitu / Indit birit Sundah diri / Lugay sila sundah leumpang.

Sadiri ti salu panti, / Saturun titungtung surung, / Ulang panapak kalemah / Kalangkang ngabiantara / Rejeung deung dayeuhanana / Mukakeun panto kowari.

Saundur aing ti umbul, / Sadiri ti pakanycilan, / Sadatang ka Windu Cinta, / Cunduk aing ka manguntur, / Ngalalar ka panycawara, / Ngahusir ka Lebuh Ageung / Na leumpang saceundung kaen./ Seok na janma nu nyarek: / “Tohaan na dek ka mana ? / Mana sinarieun teuing ! / Teka leumpang sosorangan! ” / Ditanya hanteu dek nyaur.

Nepi ka Pakeun Caringin, / Ku ngaing teka kaliwat. / Ngalar ja Nangka Anak, / Datang ka Tajur Nyanghalang, / Nyanglandeuh aing di Engkih, / Meuntasing di Ci-Haliwung. / Sananyjak aing ka Bangis, / Ku ngaing geus kaleumpang, / Nepi ka Talaga Hening, / Ngahusir aing ka Peusing. / Na leumpang megat morentang, / Meuntas aing di Ci-Lingga. / Sanepi ka Putih Birit, / Panyjang tanyjakan ditedak, / Ku ngaing dipeding-peding. / Sadatang aing ka Punycak, / Deuuk dina mungkal datar, / Teher ngahihidan awak. / Teher sia nenyjo gunung; / Itu ta na Bukit Ageng, / Hulu wano na Pakuan.

Sadiri aing ti inya, / Datang ka alas Eronan. / Nepi aing ka Cinangsi, / Meuntas aing di Ci-Tarum. / Ku ngaing geus kaleumpangan, / Meuntas di Ci-Punagara, / Lurah Medang Kahiangan, / Ngalalar ka Tompo Omas, / Meuntas aing di Ci-manuk, / Ngalalar ka Pada Beunghar, / Ngalalar aing ka Conam, / Ka tukang bukit Cremay. / Saucunduk ka Luhur Agung, / Meuntasing di Ci-Sanggarung. / Sadatang ka tuntung Sunda, / Meuntasing di Ci-Pamali, / Datang ka alas Jawa.

Ku ngaing geus kaideran / Lurah-lerih Majapahit, / Palataran alas Demak / Sanepi ka Jati Sari, / Datang aing ka Pamalang. . Diinyana aing teu heubeul. / Katineungna tuang ambu / Lawas teuing ditinggalkeun. / Tosta geura pulang deui.

Mumul nyorang urut aing; / Itu Parahu Malaka. / Turun aing di Pamalang, / Tulunying numpang balayar. / Bijil aing ti Muhara, / Masang wedil tujuh kali, / Ing na goong brang na ngangsa, / Bantar kali buar pelang, / Surung-sarang saur gading, / Manyura di tendas unycal, / Mibabahan awi gombong, / Mitihang awi nyowana. / Kamudi-kamudi Keling; / Apus dangdan hoe muka, / Paselang deung hoe omas / Pabaur hoe walatung; / Tihang layer kayu laka, / Hurung beunangna ngahinggul, / Siang beunang ngajrinang; / Beuteu bogoh ku sakitu, / Bogoh kunu mawa inya; / Nu badayun urang Tanyjung, / Nunimba urang Kalapa, / Nu babose urang Angke, / Bose rampas bose laying, / Deungeun bose susulandung / Balayar satengah bukan / Banyat aing di Kalapa. / Ngaraning Ameng Lalayaran, / Undur aing ti parahu.

Sadatang ka Pabeyan, / Ku ngaing geus kaleumpangan, / Ngalalar ka mandi Rameyan, / Datang ka Ancol Tamiang, / Ngalalar aing ka Samprok. / Saucuncuk ka leuweung langon, / Meuntas aing di Ci-Panas, / Nagalalar ka Sukakandang / Ku ngaing geus kaleumpangan, / Meuntas aing di Ci-Kenycal. / Sacunduk aing di Luwuk, / Meuntas aing di Ci-Luwer. / Sacunduk ka Peuteuy Kuru, / Ngalalar ka Kandang Serang. / Sacunduk aing ka Batur, / Ku ngaing geus kaleumpangan, / Meuntasing di Ci-Haliwung. / Sacunduk ka Pakeun Tubuy, / Ngalalar ka Pakeum Tayeum.

Sacunduk ka pakeun Teuluk, / Sadatang ka Pakanycilan, / Mukakeun panto kowari / Ngahusir ka lamin adding / Lamin ading panycatulis. / Bale ronycang pangrekaan: / Pamikul beunang ngahigul, / Pangheret beunang miseret, / Linycar beunang ngajrinang, / Suhunan beunang marada, / Saler gelar beutung tuha, / Dijeujeutan kawat jawa. / Unggah tohaan ka manggung, / Pangguh lungguh di palangka.

Ambuing kasondong ngeuyeuk / Buat nu ditepas bumi, / Eukeur ngeuyeuk eukeur meubeur, / Eukeur ngulage mihane, / Neuleun nuar nyangkuduan, / Ngaranycet kanteh pamulu / Ngela sepan angen hayam / Nyoreang ka lamin adding, / Ngadeuleu salingeur beuheung / Katuluyan deuleu teuteuh. / Saur ambuing anaking: / “Itu ta eugeun si utun! / Ayeuna cunduk ti timur / Ayeuna datang ti wetan, / Datangna ti Rabut Palah. / Anaking deudeuukanan! / Aing rek nyiar seupaheun.”

Na heuyeuk tuluy di tunda, / Diparac apus dadampar, / Loglog caor tina tonggong, / Diri hapit tina pingping, / Kedalan diri ti dampal, / Neut nanyjeur kajuga hangas / Saasup sia ka bumi, / Nyingkabkeun kasang carita./ Eundeur nu rarawis kasang, / Kumarenycang-kumarenycong, / Ninggang kana papan janten, / Bogoh kuna ngaran kasang: / Kasang tujuh kali nyingkab, / Kasang seni tambi lungsir, / Kasang pahang tambi laka, / Bedong ditambi kacambang. / Saunggah ka manggung ranyjang, / Gapay ka karas larangan, / Dicokot kapiselaman pasibonteng, / Digapay seureuh tangkayan, / Pinang ta cangcian keneh, / Pinang tiwi pinang adding, / Keur meujeuh patemu angen. / Tuluy ngahancang seupaheun, / Dituruban saratangan, / Beunang ngaharemas. / Anggeus ngahancang seupaheun, / Dicokot pameres jati.


Anggeus nu meresan rambut, / Digapay na embal ageng, / Dieunteupkeun (kana …?) / Tuluy eunyceum kana penteu, / Tuluy sari kana pipi. / Timburu nu kahiasan, / Sajingjing boeh calingcing / Sakandar boeh harega / Saturun ti manggung ranyjang, / Garudah di tengah imah, / Garedog dfibalik panto / Kereket ninycak taraje, / Ulang panapak ka lemah, / Kalangkang ngabiantara, / Reujeung deung dayeuhanana. / Seah nu lemah katinycak, / Eundeur na Ratu Banycana, / Ngeunakeun tuang kalangkang, / Cab ruy tapih meubeut keuneung,  / Ngeureut ka na bitis koneng, / Ngahusir ka lamin adding. / Ungganh tohaan ka manggung, / Deuuk teoheun palangka, / Na seupaheun di aseukan. / Saur ambuing sakini: / “Anakin nu mucang onam!” / Saurna ameng Layaran: / Ambu, aing sadu mucang.” / Ingkeun mangka ongko mucang.

Carekeun si Jompong Larang. / Saturun ka Kadatuan, / Ngalalar caroge ageng, / Nyanglandeuh ka panycawara, / Mukakeung panto kowari, / Ngalalar ka Pakeun Dora. / Leumpang aing nyangwetankeun, / Meuntas di Ci-Pakanycilan. / Saucunduk ka Pakeun Teluk, / Sadatng ka Pakanycilan, / Mukakeun panto kowari.

Dingaran si Jompong Larang. / Myoreang ka lamin adding. / Careknya si Jompong Larang: / “duh, ameng ti mana eta? / Ameng, ta datang ti wetan, / Sakaen poleng puranteng, / Sasalimbut sulam Baluk, / Sasampay sutra Cina, / Sapeucut hoe malatung, / Digempeng-gempeng ku omas, / Jojompongna made tonggong. / Teher lungguh di palangka, / Sila tumpang deung sideuha, / Ngagigirkeun karas tulis. / Teher nyeupah lumageday.

Dingaran si Jompong Larang, / Na bogoh hamo kapalang, / Diilikan dibudian, / Dideuleu diteuteuh-teuteuh, / Ti manggung dikahandapkeun, / Bogogh kanu pangawakan: / Giling bistis pincuh geulang, / Toreros na tuang ramo, / Pangranyjang na tuang tanggay, / Bentik halis sikar dahi, / Surup huntu bentik tungtung, / Sumaray dadu ku seupah.

Dingaranan si Jompong larang, / Gupuh sigug gampang kaeur, / Leumpang bitan gajar Jawa. / Sadatang ka kadatuan, / Tohaan kasondong ngeuyeuk, / Eukeur ngeuyeuk eukeur meubeur, / Eukeur nyulage mihane, / Neuleum nuar nyangkuduan, / Ngarancet kanteh pamulu. / Tohaan na Ajung Larang, / Sakean Kilat Banycana, / Ngaleke ebtreh na cangkeng, Cugenang tuang minareup, / Teherna lungguh di kasur, / Ngagigirkeun ebun Cina,” / Ebun Cina diparada, / Pamuat ti alas peuntas.


Tohaan na Ajung Larang, / Nyoreang ti jokjok panon, / Ngadeuleu salinger beuheung, / Katuluyan deuleu teuteuh. / “itu ta enggeun si Jompong! / Na naha eta bejana? / Mana geura-geura teuing?” / dingaranan si Jompong Larang, / cat-cat gek deuuk di lemah. / Saur taan Ajung Larang; / Umum sadekung ka manggung, / Beres ngaburang ka ramo. / Carekna si Jompong Larang; / “Taan urang Ajung Larang, / Sakean Kilat Banycana, / Rampes teuing jeueung aing, / Lantara teuing ku kasep! / Inya kasep inya pelag: / Keur meujeuh pasieup deung / Taan urang Ajung Larang!”

Saur taan Ajung Larang : / Jompong saha ngaranna?” / Sanembal si Jompong Larang : “Samapun, ngaranna Ameng Layaran. / Lantaran teuing ku kasep : Kasep manna Banyak Catra, / Leuwih manna Silih Wangi, Liwat ti tuang ponakan. / Ageung sengserang panon. / Keur meujeuh pauc-pauceun di anyjung, / Timang-timangeun di ranyjang, / Tepok-tepokeun di kobong, / Edek-edekeun di rengkeng. / Teher bisa carek Jawa, / Wruh dina eusi tangtu, Lapat di tata pustaka, / Wruh di darma pitutur, / Bisa di sanghiang darma” / Saangeus kapupulihan, / Taan urang Ajung Larang, / Sakean Kilat Banycana / Tuluy minger tuang hidep / Na rasa kalejon bogoh, / Na rasa karejay haying. / Naheuyeuk tuluy ditinda, / Dipara apus dadampar, / Loglog caor tina tonggong, / Diri hapit tina pingping, / Kedalan diri ti dampal. / Neut nanyjeur ngajuga hangsa. / Saasup sia ka bumi, / Nyingkabkeun na narawis kasang. / Kumarejeng-kumarencong, / Ninggang ka na papan janten / Bogoh kanu ngaran kasang, / Kasang tujuh kali nyingkab, / Kasang seni tambi lungsir, / Kasang pahang tambi laka, / Bedong ditambih bayambon, / Baling ditambi kacambang. / Saunggah ka manggung ranyjang, / Gapay ka karas larangan, / Dicokot na pasileman pasibonteng, / Digapay seureuh haseunan. / Tohaan tuluy nu nektek / Nu nektek meunang salawe, / Nu muuc meunang sapuluh, / Ngagatul meunang dalapan, / Ditalian rambu tapih, / Ditelengan leteng karang, / Leteng karang ti Karawang, / Leteng susuh ti Malayu, / Pamuat aki pahuwang, / Dipinangan pinang tiwi, / Pinang tiwi ngubu cai, / Pinang adding sari kuning, / Keur meujeuhna patemu angen,. / Dipasi ka kalatatri, / Pasi leupas jadi dua, / Pasi gantung jadi teulu, / Pasi remek jadi genep, / Dihancang di pasileman, / Rampes na beunang ngahanceng / Dituruban saratangan, / Anten leuwih ti sakitu: / Di dulur ku pupur kapur, / Candana ruum sacupu, / Bunga resa dina juha, / Dedes deungeun majakane, / Jaksi deungeun kamisadi, / Jaksi pandan deung kamenyan, / Dua buah cangci lenga, / Di teuyeuh kua aer mawar, / Narawastu agur-agur, / Bubura peuntas sagala, / Aya liwat ti sakitu: / Digapay na ebal ageng / Di cokot na boeh timur, / Dicokot na sabuk wayang, / Kiris malela sapucuk, / Awja ya sareana / Pahi deungeun buah rembey / Saur taan Ajung Larang: / “Jompong, sia pulang deui! / Ini bawa pangiriming, / Bawa ma katuang ambu, / Ci kua rang na picarekeun: “Seupaheun pananta tineung / tin a taan Ajung Larang / sakean Kilat Banycana. / Lamun puguh katanggapan, Tohaan majar kaluar, / Majar nu datang ku manten.”

Dingaran si Jompong Larang, ........ dst.
,........., ....... , ........., ..........., ..............
,........., ....... , ........., ..........., ..............
,........., ....... , ........., ..........., ..............

========================
Sumber:
  • Lima Abad Sastra Sunda - Sebuah Antologi, Wahyu Wibiasana, Jilid 1, Geger Sunten 2000.
  • Tiga Pesona Sunda Kuna, J. Noordyn – A. Teeuw, Pustaka Jaya, Jakarta – 2009.

Tidak ada komentar