Rupa-rupa Sahadat Tauhid Sunda

Rupa-rupa sahadat sunda nu nga-Esa-keun ayana Dzat Alloh anu aya di kasundan.
 
1. Sahadat Cipaku
"sang kuncung batara wenang ku Alloh sira sanika, langit ngait jagat tapak tarima badan kaula Sir na Adam ku Alloh (yaa allah) 3X
atawa “Sang kuncung batara wenang, sanika ku Alloh langit ngait jagat rapak, tarima badan kaula sirna adam, Hu Alloh, Hu Alloh, Hu Alloh, Hu Alloh, lailahaillalloh muhammaddarosululloh.”

Ilmu Marifat Cipaku
“Sang kuncung batara wenang, sanika ku Alloh langit ngait jagat rapak, tarima badan kaula sirna adam, Hu Alloh, Hu Alloh, Hu Alloh, Hu Alloh, lailahaillalloh muhammaddarosululloh.”
Hartosna: sang teh hiji, kuncung buuk dina embun-embunan ngacung ka luhur, batara hartina maha pinter, sari sanika tegesna pangersana, langit kawas dikaitkeun, jagat kawas diamparkeun, tumampa yen kaula hirup sanggeusna adam mulang ka alam langgeng. Alloh Maha Agung, teu aya deui nu wajib di sembah lintang ti Alloh, muhamad rosul Alloh.
Artinya kita berserah diri dari ujung rambut yang paling atas sampai seluruh badan hanya kepada Alloh SWT yang wajib disembah.

Ilmu Tauhid atau Ilmu Cipaku yaitu mendekatkan diri dengan Tuhan atau disebut Marifat.
Ilmu Marifat Cipaku dikenal dengan Ilmu Cipaku, “Sir budi cipta rasa, sir raga papan rasa, dzat marifat wujud kaula maring Alloh, maring malaikat, maring khodan karomah suci, maring isun sajerning urip, lailahailalloh muhamaddarosululloh”,

2. Sahadat Darmaraja
Nu nangtung tanpa kurungan herang tanpa karangan Nu ngadeug disanghyang Taji Teja heunteu aya dibuana panca tengah Yaa alah deg…deg…panca komara

Bagi Eyang Haji sesuai rukun Islam yang paling penting adalah Sahadatnya atau Ikrarnya untuk memahami diri manusia sebagai Mahluk Ciptaan Alloh SWT oleh karenanya beliau membuat Sahadat Darmaraja untuk para Raja yang ingin mengabdikan diri menjadi Raja (Darma = Bakti, dan Raja Pemimpin), “Nu nangtung tampa kurungan, teu hérang tampa karangan, nu ngadeg di sanghyang téja henteu aya di buana panca tengah, deg, deg, deg, deg, deg, pancakomara. Lailahailalloh muhammadarrosululloh.

Hartina, nu ngadeg taya wujudna, nu herang taya wadahna, nu ngadeg di alam lelemut teu aya di alam manusa, panceugkeun lama kawibawaan. Teu aya anu wajib disembah lintang Alloh, Muhamad utusan Alloh. Artinya adalah bahwa ketika menjadi Raja harus mengukuhkan kewibawaan dengan cara berserah diri kepada Alloh SWT. Eyang Haji mengajarkan Ilmu Marifat tersebut di Situs Cipeueut Aji Putih.

Kasumedangan (Prabu Tadjimalela)

Diaping kunu suci diraksa kunu kawasa
Dedeg landjer jaya perang dibuana panca tengah
Ulun santri demang braja prabu tajimalela nu murba di darmaraja
Laailla haaillaallah muhammadurrasullaallah
Rir…ringkang mawa sawangan, hate ringkang
Hate jaya sembada, sang toap lenggang, Sang toap karang
Sang muncul putih bumi larang buah kampong
Nu herang taya lencana mustika larang mustika herang
Terah saha iku, terah saha saha teuing
Ka aing acining lalaki mustika ning jelema
Waluya jeneng manusa Aji putih purba wisesa, awit asihan aing sae sagalana

4. Sahadat Bali

Ya ingsun sahadat bali pegat pisah tunggal
jeneng karna tunggal sanama ngarewos narkasih kula menta pangawasa nira, anaking pasung giri, pasung jangji nagala buyut wening,
nu calik di tungtung pikir nu aya di tungtung akal malaikat ong lenu putih
pangdongkapkeun pangabakti kaula ka ibu ka rama ka malaikat cipta larang
nu linggih di gunung mesir sawetaneun gunung madinah ka malaikat sirna rasa
pangnyokotkeun rizki jeung bagja ti kudrat kalawan tamahna nu nyangsang geura puragkeun
nu meulit lesotkeun rizki ati pake seweu robby ayeuna mangsana
la ilaha illallah muhammadrasulullah

5. SYAHADAT SILIHWANGI

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIIM...
LAA ILAHA ILA ANTA LAQUWWATA SALAMATAN FI DUN-YA HASANATAN GOFURULLAH HU ALLAH
FI KULU UMATI RASULULLAH SILIH KANJENG SILIWANGI GELAR TAPAK LANGKAH SUNDA ING TUMAMPI KA GUSTI ALLOH
LAA HAULA WALAA QUWWATA ILA BILAHIL ALIYYUL ADZIM

6. SYAHADAT SUNDA
Bismilah hirohman nirohim,
Sahadu sahadat sunda,
Ngamenaken dat alloh
Alif Alloh ingkang ngadeg wawayangan dat lat dat les
Dat langgenng sipat Alloh
Ngandika nu gaduh asma Alloh
Tetep iman sareng islam kersaning alloh
Ashadu ala ila ha illoloh
Waas hadu ana muhamaddarosullulloh

7. Sahadat Banten
BISMILLAHIRROHMANIRROHIMI ASHADU KALIMAT NAPAS SABADAN ABADANA ASHADU KALIMAT TIPAL-TIPAL INGSUN YAH TAMPE RAHMAT ILLALLAH KANG TANPE IMAN LAILLAHAILLALLAH MUHAMMADARROSULULLAH

8. Sahadat Jawa
Apa pengot surat Raden Angga Keling/Pangeran Angga Waru lang/ Ratu suluk ajitullah/Pengersa sa Nusa Jawa/Puputrane Ulis Akin/ Kajayak ngarurug Pajajaran/Tanggal ping opat welas/Nukila di kalimati sahadati/Isun weruh umat Allah dikang Selamat.

9. Sahadat Bawa
Ashadu Sahadat Bawa,/Iman jati lulungguhan pulo nyawa,/Roh nyawa intening hurip,/Hurip ieu keuna ku gingsir/Langgeng teu keuna ku owah,/Lailahileloh Muhamad Rasulullah

10. Sahadat Taraju
Ashadu sahadat taraju/Idin imatan warohmatan/Walidatan, wasira tan,/Titikaptan minha yah u/Ya Allah, ya Rasulullah.

11. Sahadat Sayang
Ashadu sahadat sayang,/Kuriling ka bale suci/Cat mancet ka jagat mulya,/Tetesen ditetes ku Allah/Ya hu, ya Allah, ya Rasulullah.

12. Sahadat sari
Ashadu sahadat sari,/Gegedah wadah humenggang,/Ngebur-ngebur lain ratu,/Ngebyar-ngebar cahyaning pangeran,/Payung tilu nungku-nungku,/Payung emas lingga jati,/Kakayon sabar darana,/-Teteras sekar cendana.

13. Sahadat Adam

Ashadu Sahadat Adam/Sah Adam/Ashadu nur putih alip tunggal/ Iman eling ka mulya kang kadim,/Lailahailaleloh Muhammad Rasululah.

14. Sahadat Barjah
Ashadu sahadat barjah,/Enggon Allah sapatemon,/Sang Mutiara Putih calik di iman,/Patala artu miski aja ningratullah,/Titpan gedong kencana,/Nama Allah Rasulullah,/Lailaha ilaloh.

15. Sahadat Hayun

Asahadu sahadat hayun,/Hayun-hayun hurip kang hurip,/Cicipta Gusti Kang waras,/Cicipta Allah cipta rosa kang kawasa,/Ceg ba dan wujuding Allah Rasulullah/Nanya badan, ceg badan wujuding manusa.

16. Sahadat Mustakarayunan

Asahadu mustakarayunan/Sahadat permana tunggal,/Selam lahir, selam bathin,/Selam pinarengin kersa,/Sing waspada kanu ngayu ga bumi alam/Aya nu saurang, aya nu sorangan,/Aing waspada kepada Allah,/Allah waspada ka kaula./Tenget gemereng-ereng ,/Raraga gemet ruhiat,/Terusning Allah terusning rasa/Pani-pani langgeng tetep,/Langgeng agama Islam.

17. Sahadat Ganda
Ashadu ganda ingsun,/Turun saking sawarega,/Ningal ganda ning sunan sampurna,/Ganda ningsunan handiri,/Kamar langit karaton.

Tidak ada komentar