Sastra Jen Ra Hayu Ning Rat Budhi



– Sa Astra = Cahaya Tunggal
– Jen = Aji/Ajaran, …sesuatu yang harus dimengerti dan dipahami hingga sari-patinya.
– Ra =  Sinar/Cahaya
- Hayu = Selamat/Wilujeng
– Ning = Dari/bagi/untuk
– Rat = Buana/Jagat

Berarti :
“Manunggal ing Cahya, Ajaran Cahaya(Sunda) Keselamatan bagi Seluruh Dunia”
1. CIPTA = Pikiran
2. RASA  = ya… rasa
3. KARSA = kehendak
4. KARYA = berbuat/melakukan/mengerjakan. maka, KARYA adalah bukti atas adanya "CIPTA-RASA-KARSA"

Budhi : Ibu Bumi Adi – Ida Hyang, Buana - Ibu Pertiwi, jadi sebagai putra putri harus punya pekerti menjunjung tanah kelahiran mempunyai perangai lemah dan menjagai huniannya selayaknya penghuni.

Melalui Hening bisa men-Cipta, melalui Hening menemuka Rasa Sejati, melalui Hening bisa mewujudkan Karsa : Karya Sastra dalam Sutra

Sir, yaitu rasa yang meliputi 6 hal, yaitu : 
1. Sir ibtani yaitu rasa purba yang menjadi cahaya asmara nala,
2. Sir kabari yaitu rasa wisesa yang menjadi cahaya asmara puba, 
3. Sir mala yaitu rasa sempurna yang menjadi cahaya asmara turida,
4. Sir baji yaitu rasa mulia sebagai cahaya asmaradana, 
5. Sir kreki sebagai rasa sejati yang menjadi cahaya asmara tantra, 
6. Sir wadha yaitu rasa menyatu, yang menjadi cahaya asmaragama atau disebut sir gaibi.

Ana sir : Tanah, Air, Angin, Api ———> Kayon.

Sir – Sira – Sirah ———> Sri – Sari

Cublak … cublak Suweng
Suwenge teng gelenter
Mambu ke tundung gudel
Pak Gempong lera-lere
Soyo ngguyu delek ake

Sir … sir … pong dele Gosong
Sir … sir … pong dele Gosong
Sir … sir … pong dele Gosong

PILEULEUYAN PILEULEUYAN, SAPU NYERE PEGAT SIMPAY,,, 
berapa lama kita sudah melupakan JATI DIRI, lupa memelihara DIRI, seperti sudah lupa ingatan/teu eling.

PILEULEUYAN PILEULEUYAN PATURAY PATEPANG DEUI,,,
Mudah-mudahan ada waktu kita bisa mengungkapkan semua RASA, yang sudah menjadi “penasaran” dalam DIRI kita yg sedang diberi “HIDUP” diberi nafas panjang untuk memaparkan jalan yang diyakini benarnya.

ADU JAGO hanya SANDI WARA dari leluhur dahulu, kanggo nglulu para JAGO-JAGO agar saling TERPADU CINDE LARAS, SADAR bahwa yang bisa diadu hanyalah sesama hewan saja bukanlah manusia.

“Ayam” adalah simbol tentang awal kehidupan setelah terbitnya Matahari. Maka demikian pula dengan kehidupan manusia yang pada mulanya diawali oleh kehidupan para leluhur (pendahulu) atau biasa disebut sebagai “nenek moyang”.

Merekalah yang lebih dahulu melihat Matahari ketimbang kita yang hidup di jaman sekarang, maka sebab itulah oleh para penganut Ajaran Sunda (Nusanta-Ra) simbol para leluhur dilambangkan dengan bentuk sosok Ayam, dan seluruh bangsa di dunia menempatkan simbol tersebut di atas kepala sebagai penghormatan (Aster).



SASTRA JENDRA AYU NINGRAT (Budi Daya)

Tulisan Nu Maha Agung, tegesing bahan salamet di sakabeh Alam jeung Jaman katut anu ngajamananana, lamun bener migawena.

SASTRA
Hartina tulisan, sakabeh anu dumadi, anu kumelip di Alam dunya, estu geus hurup teu aya cawadeun-nana, sarta kabeh kersana Nu Maha Agung, anu matak bangsa urang ti jaman Karuhun mula geus percaya sarta muji ku milampah kahadean sangkan diri jeung lianna (pangeusina dunya) pinanggih jeung rahayu.

JENDRA
Hartina wujud ayana Nu Maha Agung teu bisa dipapandekeun sanajan jeung naon-naon oge, ari bangsa urang percaya yen ayana Wujud Nu Maha Agung (Hyang Agung) nya eta ku ayana Para Hyangan anu teges asalna ti Hyang Agung tea.

HYANG
Hartina Abdi Gusti (nu asal ti Gusti). Para Hyangan hartina Abdi-abdi Gusti nu arasalna ti Gusti. Gusti teh asalna Abdi Gusti sadaya.

Nu nyaho sarta nyaksi yen Gusti teh Wujud anging Abdi anu wujud tur tetep Wujud di WujudNa.


Nu nyaho sarta nyaksi yen Gustina teh : henteu dat, henteu sipat, henteu arah jeung henteu anggon, (laesa kamisilihi?). Anging Abdina anu teu dat, teu sipat, teu arah jeung teu enggon (billa haeffin billa makanin ?)

Saha ari Abdi teh? Nu ngabdi ka Gustina!
Saha ari Gusti teh? Nu Maha Agung!
Saha anu nyaksi sarta nyaho yen Gusti teh Wujud?  Abdi-Na!
Saha anu uningaeun ka Abdina? Gusti!
Kumaha nyatana yen Wujud-Na ari Gusti?
Ari kanyataannana mah di Abdi-Na (nu wujud di Gusti).
Ari Wujud-Na mah kunyata Murba-Na!
Kumaha nyatana jeung kumaha Murbana teh?
Gusti teh Hyang Agung, nu jadi asal Para Hyangan!
Hyang Agung teh nya hyang Widi (Anu Kuwasa) bukti: Kawasana dimana-mana!
Hyang Widi teh nya Hyang Suksma (Anu Kersa) bukti : Kersana di Hirup.
Hyang Suksma teh nya Hyang Manon (Anu Uninga) bukti : Uninga sakarep-karepna!
Nya Hyang Agung asalna Para Hyangan, Hirup-Na hanteu nganggo napas, Rungu-Na hanteu nganggo cepil, Ningali-Na hanteu nganggo soca, Ngadika-Na hanteu nganggo baham.

Anu matak Para Hyangan mah :
tara mi-Allah ka: Pangeran anu diuk dina korsi gading,
tara mi-Rasul ka Nu sok maot,
tara mi-Kitab ka Nu sok soeh,
tara mi-Malaikat ka Nu jangjangan,
tara mi-takdir ka Nu alah-alihan,
tara mi-Milu ka Nu sok paeh (rusak).



KURING DI DUNYA NGUMBARA
Pangumbaraannana nyaeta ieu Dunya gede (Kabir). Sanggeusna Kuring aya di pangumbaraan lila-lila Kuring boga kanyaho serta nyaksi kaayaannana  sabagian tina ieu dunya gede,  ari parabot kuring pikeun nganyahokeunnana nya make diri (badan anu kumplit sarta sehat), saperti :

Panon keur kuring nenjo dunya
Ceuli keur kuring ngadenge dunya
Sungut keur kuring ngomong dunya
Irung keur kuring ngambeu dunya
Leungeun keur kuring barang cokot dunya
Suku keur kuring leumpang di dunya

Jeung sajaba ti eta estu pepek kersaning Nu Maha Agung mi-asihna ka kuring, maparin bekel keur waktu kuring ngumbara di dunya gede (Kun paya kun).

Ngan bae sanggeus kuring boga kanyaho sarta nyaksi kaayaan dunya jeung adat istiadatna, kuring wajib ngaraksa diri nu jadi gids (bekel kuring = pamajikan sapanjang ngumbara di dunya)

Nyaho kana aturan Drigama sangkan salamet diri.
Tetep dina agama kuring sangkan kangaranan Innalillahi (pasrah ka Gusti kuring) Wa (jeung) Inna iIllahi rojiun (tunggal jeung Gusti).

Drigama mah keur umum, ari agama  keur Para Hyangan (anu teu umum).



PERINGETAN KURING KEUR KURING!
Ari harti Agama nya-eta patokan nu tetep, nu teu beunang dirobah deui, mun dina basa Arabna nyaeta takdir ti nu Maha Suci nu geus teu bisa diongget-ongget deui.

Seuneu sarerea asalna ti Panon-poe.
Cai sarerea asalna ti Laut
Napas  sarerea asalna ti Angin
Taneuh sarerea asalna ti Bumi
Acina seuneu ngajadi daging
Acina cai ngajadi balung
Acina angin ngajadi kulit bulu
Acina bumi ngajadi saeusina badan

Daging-balung-kulit bulu saeusina ayeuna geus ngajadi badan. Badan teh nya badan sarerea bae, jadi sidik yen enyana Badan urang  teh urang Dunya, sabab badan jeung sapuratina asal tina Dunya. Ari kuring asal ti Gusti Nu Maha Suci. Anu matak ceuk ilahar mah kurin teh di dunya mah disebutna ngan sakadar ngumbara.

Badan teh aya badan sarerea bae, jadi sidik yen enyana badan urang teh urang dunya, sabab badan jeung sapuratina asal ti dunya.

Ari kuring asal ti Gusti Nu Maha Suci. Anu matak ceuk ilahar mah kuring teh di dunya mah disebutna ngan sakadar ngumbara.

Ari Pangumbaraan nya ieu dunya! Dunya gede (dunya kabir).

Ari pamajikan (pangcicingan kuring) nya dina diri nu asal ti dunya tea, anu matak diri teh disebutna dunya leutik (dunya sagir).

Ari diri teh nyaeta parabot atawa nu nganteur kuring sapanjang aya di dunya gede, nepikeun ka waktu ieu kuring bisa boga kanyaho jeung nyaksina sakabeh nu kapanggih jeung karasa di dunya ku panganteurna diri, anu matak lamun kuring teu bisa mikanyaah ka diri nu geus nagnteur kana kahayang jeung nganteur salawasna ngumbara di dunya gede, atuh kuring teh kacida pisan erana, era ku dunya, era ku diri, komo kuring teh asal ti Gusti Nu Maha Suci, sok asa piraku mun talajak kawas anu asal ti setan.

Kuring ayeuna geus nyaho jeung nyaksi (Isun angawruhi lan Isun anakseni) : yen di dunya mah geuning disebutna oge alam papasangan, da bukti lamun aya kecap panjang, aya pondok, aya gede aya leutik, aya awewe aya lalaki, jeung satuluyna, anu matak pantes lamun keur waktu kuring aya di dunya mah kudu make kana kalimah kalih (kecap dua), cindekna bisa nyaho jeung nyaksina, nu kumaha nu disebut panjang jeung nu kumaha anu disebut pondok, jeung satuluyna.

Lamun kuring geus bisa misahkeun anu kumaha anu panjang jeung kumaha anu disebut pondok, eta hartina geus boga pamilih. Lamun geus boga pamilih, sarta milihna keur kasalametan diri jeung umum, kakara kuring disebutna geus bisa nyekel kalimah kalih, warisan ti luluhur urang baheula.

Ari keur milihna? nya-eta diri tea! Lamun kuring geus ngarti yen parabotna keur milih teh, nya Diri kuring, atuh wajib kuring sarerea daek ngaraksa jeung merlukeun kaperluannana diri, sabab anu nyaho kaperluannana diri, boh laparna, ausna, nyeuri peurihna, genah jeung ngeunahna ngan kuring.

Tah sakur nu daek mikanyaah ka dirina eta hartina sarua jeung Nyembah ka Hyang Widi, ari any nyembah ka Hyang Widi, eta ngarana Sembah-Hyang.

Lamun kuring geus nyekel Kalimah-kalih (boga pamilih) sarta Sembah-Hyang (mikanyaah ka diri) anu tangtu bakal ngarti yen salamet teh jalanna lain wungkul ku diri sorangan, tapi ku sarerea, atuh kudu daek nulung kanu sejen (diri batur) sabab lamun euweuh diri batur, kuring di pangumbaran teh moal sugema. Lamun kuring geus nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur kanu keu’eung, jeung nuduhkeun ka nu teu nyaho eta hartina sarua jung Ngaji Rasa.

Lamun kuring jeung diri sarerea geus marigawe kitu, di Dunya teh tangtu Rukun, munggah jadi hiji di Pangumbaran (Duna Gede = kabir). Baethulah nu dijadikeun ku Kersana Pangeran Nu Maha Agung.

Tah kitu agama Para-Hyangan anu asalna ti Hyang agung! Hyang Widi nya Hyang Suksma, nya hyang Manon, tea. PARA hartina Sakur (sakabeh) HYANG hartina Nu asal ti Gusti. Jadi hartina Para-Hyangan teh, sakur/sakabeh nu asal ti Gusti, anu ayeuna baroga pamajikan (patempatan) dina diri (Sunda). Sunda (dunya sagir) nu asalna ti Pasundan (dunya kabir).

Pasundan Hirup!
Sunda teges Nu Hirup!
Mun Pasundan henteu hirup, moal aya pangeusina! bau!
Mun Sunda lain nu hirupna tangtu Pasundan jadi leuweung loba sato galak!
Nu ngahirupkeun : Hyang Agung
Nu dihirupkeun : Pasundan
Nu hirup : Para-Hyangan
Nu hirupna : Sunda (teges)

PATOKAN PARAHYANGAN
1. Kalimah kalih (boga pamilih)
2. Sembah-Hyang (nyaah ka diri).
3. Tulung tinulungan (nyaah ka diri batur)
4. Ngaji Rasa
5. Rukun

KAPERCAYAAN PARAHYANGAN
1. Percaya tur nyaho ka Hyang Agung
2. Percaya ka Kuring nu asal ti Hyang Agung, jeung prak migawe  cara anu Agung (Nata)
3. Percaya ka nu karasa (luang)
4. Percaya ka nu melekaken (ngahudangkeun) tekadna
5. Percaya kana takdir (patokan agamana)
6. Hirup taya anggeusna! [Pasundan ti baheula tepi ka ayeuna hirup, diareusian ku nu Hirup]

Tidak ada komentar