Ki Habuloh Ti Kampung Dukuh Cikelet Nerangkeun Eusi Wasiatna Prabu Siliwangi

PUPUHU KAMPUNG ADAT BADUY DUKUH CIKELET GARUT
NAMINA UWA BULLOH (KI HABULOH
“Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! 

Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman!  Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”....jst

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. 

Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. 

Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! 

Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

... pek hartikeun ku maraneh ku akal sehat...menta pituduh ulama, ahlina.

"kudu marilih hirup kahareupna, supaya engkena jagana jembar senang sugih mukti"
"bisa ngadegkeun deui padjadjaran. Lain Pajajaran anu kiwari"
"Papay ku dia lacak Ki Santang!"
"Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang"

Tah buktos amanatna kitu kudu marilih hirup aranjen teh supaya bisa ngadegken deui padjadjaran anyar lain siga pajaran nu hebeul, kalawan tuturken lacak ki Santang (nu mawa syariat ) sok gera narindak tp ulah ngalieuk ka tukang, ngalieuk teh ningali katukang sarua jeng lampah anu ges kaliwat, lalakon nu ges kaliwat, nya urang teh ku ngindung ka waktu mibapa ka jaman, waktu ayeuna jeung jaman ayeuna, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak" mawa balangsak = mawa goreng ka harepna adat jeng budaya ulah di pi-Gusti tapi di pusti-pusti adat sunda ulah di jadiken sare'at tapi kudu di sareatan (syi'ar). Ageman jeung kapercayaan sadayana ti Alam baliken deui ka alam, Innalilahi wa inna ilaihi roji'un (sadayana ti Alloh bali ka Alloh). Alam nya eta Alloh, 'alam hartina ilmu' Alloh nu ngagaduhan elmuna ulama nu ahli elmu, nu deket jeng nu gaduh elmu, elmu ulama dijaga ku Alloh eta janji Alloh.

Sunda oge sarua ajaran nabi ajaran tauhid naskahna aya, kapecayaanana kuat, jeung sesembahana bukti, ngan geus loba perobahan mangka maraneh kudu marilih jalan hirup kaharepna cek prabu siliwangi ge pek tuturken ajaran kisantang nu bukti mawa ajaran sunda nu sampurna nu geus di sampurnakeun ku Gusti ka Nabi Muhammad SAW, ulah nuturken lalakon nu geus ka tukang, matak tingali ayeuna budaya tauhid ka islamana di Baduy, di kampung Naga jeung di kampung Dukuh, keur pienteungeun hirup nu bener sanajan kuat mertahankeun adat tapi teu ingkar kana ajaran sareat ka Gustina. 

Supaya bisa ngadegkeun deui padjadjaran Anyar = bisa hirup ngadegkeun pamarentahan siga ayeuna nu ngadegna ku obahna jaman, rek iraha majuna urang lamun hayoh wae ngurus jaman katukang atawa ngalieukan wae ka jaman ka tukang. 

"Dia kudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti," maka pikirken oge masa depan, jalan hirup ayena jeung kahareup mawa sundana sunda nu ayeuna Sunda ki Santang, Ki Santang nu jadi rohmat keur urang sunda alam pasundan ''laa ikro ha fiddin''

Allah Ta’ala ngadawuh :

,لَا إكْرَاه فِي الدِّين قَدْ تَبَيَّنَ الرُّشْد مِنْ الْغَيّ“

"Teu aya paksaan dina memeluk agama. Saestuna ges jelas antara kabenaran dan kasesatan" 
(QS. Al Baqarah: 256)

Yakin urang sunda ayeuna mah 100 persen Islam. Tos waktuna nuturkeun sareat Islam nu sajati,  nu dilambangkan ku Prabu Anom Kian Santang. Tong sok ngalieuk ka tukang, zaman geus obah. Ari tos dugi ka mangsana mah anjeunna ngadegkeun deui sareat Islam. Janten nu sajatina Sunda teh Islam.

Cag ah hanca....

Tidak ada komentar