Cipaku: Harti Tunggul Hiji Dina Sumedang Purwacarita

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna. Kalayan ngucap asma anu maha sampurna tur anu maha Rahman Rahim ka hamba tur umatna. Anu di wuwuh ridona ti anjeuna. Oge muga Ka Gusti Rasul Muhammad sing tetep tumetep. Sapaat kaumatna...anu turut kana ajarana ti manteuna.

Tutur bahasa purwa carita geus payus tur pantes dina ieu waktu Ki Sunda Tandang makalangan melaan. Sarakan lemah caina pan kitu deui geus waktuna Ki Sunda nembongkeun. Ciri anu geus ampir ka lindih ku bahasa jati kasilih ku junti.

Dina masa kiwari Ki Sunda ampir poho kana Tata-Titi duduga peryoga ajen diri ki Sunda manghanjakalkeun tatakrama Ki Sunda anu dedehan welasan asihan dulur-dulur musnah lantaran ka giur ku asal aing bungah-batur susah pan kitu deui geus leungit sipat-sipat Ki Sunda anu sok tulung tinulung ka rahayat, anu leutik cik atuh da geus waktuna Ki Sunda. Geura tembongkeun "Tembong Agung" Ki Sunda jeung geura larapkeun kanu hate Ki Sunda Sumedang Larang, meh Ki Sunda teu pagirang-girang tampian.

Diwuwuh ku ngiring aub ka  ki sunda, mudah-mudahan ieu jajaran ngabantos muga sing tiasa ngahiji jeung sabeungkeutan dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara jeung kanugrahan ki sunda. 
Didieu simkuring ngiring gabung tumalapung rehna ngaraos ka getrik ati ka guar manah ningali Ki Sunda dina waktu ayeuna. Poho kana Sumedang purwa carita malahan dina waktu ayeuna Ki Sunda poho kana wangsit ciri Sumedang Purwa Carita jeung geus poho kana ciri Cipaku Darmaraja Sumedang. Padahal tos bukti ciri anu sakitu jelas tur ahengna. Tapi kudu awas tur bisa teleum dina Leuwi Hideung mun hayang apal tur yakin.

Naon pangna kitu: meh teu asal apal jadi sasar pan ceuk kaol oge kudu apal ka ciri kami tutunggul hiji lain urang kudu muru atawa mangku pon kitu deui migusti tapi kudu apal kana simbul eta.

Naon atuh simbul tutunggul hiji dina "Sumedang Purwa Carita" pan aya wangsit ti luluhur Ki Sunda:

Anu Wangsitna kieu: "Dina isuk baring pagi umat aing ieu kanu batu ulah gampang daraek kitu mun gampang daraek kitu. Papakuna kitu kudu apal ciri aing sahiji, ti dinya mudu sing apal ulah pon asal-asalan tah kitu wangsit salah sahiji dina jajaran Sumedang Purwa Carita".

Wangsit anu kadua : "Dimana geus pangeusi ieu nagri poho kana simbul kaula Dzat Sunda Alip Satunggal ki sunda bakal ilang pamor".
Tapi ulah ngarasa aing pang pinteurna atawa pangapalna kana jajaran atawa sajarah Ki Sunda. Kudu sing tarapti jeung pake tatanan tali paranti karuhun urang sarerea. Meh urang aya dina ridho Alloh tina karamat karuhun urang sarerea.

Jeung geus waktuna urang tafakur anu hartina sing telik jeung taliti dina jaman alam kiwari-ulah asal-asalan jeung nyiga-nyiga bari teu apal jeung salah harti pon tujuan anu ku urang ditareangan pan geus bukti tali pamisah anu sakitu ecesna. Ciri jeung pitunjuk anu jelas tur nyata: yen luluhur ki sunda waspada kana bakal datang pitunjuk anu sampurna anu di wuwuh ku Gusti rosul muhammad.  Anu sakitu sampurna pikeun pitunjuk lahir batin pon deui dunya akherat. teu hilap ki sunda cumeluk oge ka para tokoh agama islam supados tiasa ngiring kiprah dina tatanan sumedang purwa carita saraksa sareng sariksa ieu judul sumedang purwa carita hibar buana – anu tujuannana. Ki sunda umajak ka rahayat sunda khususna tatar sumedang hayu urang babarengan miara tatanan sejarah sumedang anu kiwari geus katingali loba anu salah kaprah anu nimbulkeun matak balai ka dirina pon karahayat anu sejena anu ngakibatkeun loba salah ajaran jeung salah sasar.

Kukituna ki sunda hayu urang rempug jukung sauyunan dina nata tatanan karuhun urang ku tatanan anu bener cek umum jeung bener cek hukum oge bener cek agama sampurna (islam).
Bismillahirohmani rohim...
Isun amudang mudang rasa ku Alloh.
Kiwari geus waktuna kisunda geura tamatkeun maca simbul meh ka buka hartina jeung meh aya manfaatna keur kahirupan rahayat ki sunda, di dunya jeung diakherat salah sahiji simbul anu mawa ciri keur bacaeun umat sakabeh:

Anu kahiji :Naon sababna dikaramat luluhur darmaraja jeung karamat anu aya di tatar cipaku tutunggulna hiji.
Anu kadua : Gelar darmaraja aya harti sareat jeung harti hakekat
Anu katilu : Sumedang oge sarua aya harti sareat jeung hakekat.
 
Pon kitu deui ciri-ciri di alam agama sampurna (islam) sami aya bacaeun keur umat anu manut dina sampurna islam. Tah simbul eta kudu geus dibuka meh yakin kanu kawasa anu boga alam sakabeh:

Tapi urang kudu sing yakin yen diri urang sarerea tetep aya anu bogana, nyaeta anu gelar luhureun sanghiang, luhureun batara-ceuk simbul mah pan urang sarerea ngayakinkeun yen anu boga urang ulah dipakojotkeun ku ajaran-ajaran anu buntu teu jelas, kaler kidulna. Tah eta salah sahiji keur babakti ka anu boga diri raga sakabeh, terus urang salaku rahayat ki sunda kudu geus bisa nafakuran primbon luluhur urang. Anu baheula ka primbon luluhur urang, mun ayeuna nyaeta geus jelas umat rosul muhammad. Tah urang ngarasa asa salah mun ningalikeun kana tatanan anu teu jeulas :

Tapi lain urang nitah poho kana tatanan pan eta oge kudu dimumule ku urang sarerea, da moal aya urang mun euweuh karuhun. Komo mun apal kana wiwitan manusa mah. Tina wiwitan nabi isim kanjeung nabi Adam jeung garwana eyang babu hawa. Pan tah jelas dina alam agama sampurna oge katingali jajarana anu eces jeung jelas.

Tuluy pecahkeun deui simbul anu aya dina tatanan sumedang meh kaharti tur yakin, nyaeta tina bahasa prabu Galuh wiwitan jeung Prabu Sumedang wiwitan teras gelar anu ngajamanan bakal datang agama sampurna anu di panghuluan ku nabi akhir nyaeta Rasul Muhammad.

Baca deui simbul anu sejena:
Anu sok dipake tali paranti karuhun
Contona: rujak asem-rujak kalapa-rujak cau-kupat-bakakak-puncak manik jeung lian liana. Tah eta teh simbul bacaeun keur umat sakabeh anu maknana nitah gemleung patekadan. Sumerah diri jeung bakti ka nu agung ku prilaku anu simbul di luhur. Meh ki sunda apal kana tatanan anu bakal datang.
Nya kitu deui karuhun urang oge geus waspada baheula bakal datang ajaran akhir jaman nya kiwari islam tea anu sakitu sampurnana jeung jelas salaku ki sunda metik elmuna anu tekun jeung ngamalkeunana, sepi ing pamrih.


Tapi hatur punten, bilih dina cumarios ki sunda dina susunan bahasa kirang tata-titi bahasana neda di maklum. Rumaos ki sunda kirang didikan jeung atikan ku kituna mugi ditawakup bilih aya bahasa atanapi cariosan luar tina dasar, mugi di panglereskeun supados sae kanggo kapayuna kukitu deui ieu tatanan sumedang purwa carita sakedik ngagores alam jajaran kapungkur nalika susunan karuhun ki sunda anu awal di sumedang teu kapirosea, padahal nilai sajarah sareng budayana anu sakitu luhurna komo mun tiasa neuleuman dina ajarana, nyaeta ajaran agama tauhid marifat menurut pangemut ki sunda, tapi ieu tatanan teu aya anu merhatoskeun sareng mirosea numawi kitu ki sunda umajak ka para wargi sadayana anu sami merhatoskeun ieu tatanan. Hayu urang saraksa, sariksa jeung urang bebela ka tatanan kisunda salah sawios anu kedah dimumule dina tatanan purwa carita sumedang wiwitan salah sawiosna:

Simbul anu kahiji : Kabuyutan Punclak Damar
Simbul anu kadua : Kabuyutan Cipeueut
Simbul anu katilu : Kabuyutan Paniis

 
Tah eta jajaran salah sawios sumedang purwa carita komo lamun saterasna kuurang diguar kabuyutan sangkan jaya, kabuyutan gunung padang, kabuyutan gunung lingga, kabuyutan gunung beber, gunung nurmala, gunung merak, gunung kunci, gunung puyuh, gunung jagat, jeung gunung guling, teras gunung batara guru cikeusi jeung pasiringkik teras ka batara cakra buana, tah eta salahs awios tatanan ciri nu bukti sumedang purwa carita.

Tidinya nembe urang guar atanapi urang sami-sami mempertahankeun sareng ngamumule tatanan sumedang. salah sawiosna ngadegna galuh pakuan pajajaran wiwitan diteraskeun ku tatanan tembong agung sareng tatanan sumedang larang, anu dina waktos ieu teu acan aya anu leres-leres miroseana sareng ngamumulena.

Luhur saur bahe carek ki sunda neda pangrojong doa mugia palawargi sadayana disuhunkeun piwejangna bilih kisunda dina ngaguar tatanan sumedang purwa carita aya anu kalangkung mugia nyuhunkeun bantosanana.

Punika kacarita Aya ngaran Cipaku-Darmaraja-teras aya ngaran Sumedang. 

Tina mimitina cahaya bodas, cahaya beureum, teras cahaya koneng.
· Tina mimiti cahaya Bodas nyaeta nur muhamad
· Tina mimiti cahaya beureum gelar Prabu Galuh galeuh asal ning manusa
· Tina cahaya koneng gelar Prabu Sumedang anu ngajadi ciri dina dat sunda alip satunggal
· Pecah cahaya anu tilu tina bahasa Kun Payakun anu hartin
a kawenang anu maha Agung Jeung kapicatur gelar tina bahasa Han-istir jeung lamad jero.
Eta simbul ngabukti dina tatanan Purwa Carita Sumedang-Darmaraja-Cipaku


Kun Payakun anjeuna ngajadi bukti anu tilu anu kaopat istri teras deug bumi deug langit deug amusa gelar sarangenge gelar bentang,sareng rupi-rupi perkara goib anjeuna.

Ciri anu tilu gaduh jenengan
· Anu Bereum Prabu Galuh
· Anu Koneng Prabu Sumedang
· Anu Bodas Gusti Rosul Muhammad
- Cahaya Putih Kahiji digelarkeun pangpayuna dilahirkeun pang peungkeurna
- Cahaya anu beureum kahiji digelarkeun pangpayuna teras diraksanan pangpayuna oge.
- Cahaya koneng simbul siloka lahir batina manusa anu disebat Prabu Sumedang 
(Sup Medal) mun ngajina sajati bakal kapanggih ciri Aing.
Tah kitu asal adegan diri mun kaharti jeung kapanggih neanganana.

Teras aya ngaran Sumedang tina gelar anu tilu rumasa sateuacana gelar alam rame rumasa sup medal di ieu alam tina bahasa sup medal jadi ngaran Sumedang, jeung pepeling kaumatna kudu apal kaciri kaula
1. Gunung Beber
2. Gunung Lingga
3. Gunung Merak
4. Gunung Kunci
5. Gunung Puyuh
6. Gunung guling
Matak dugi ka ayeuna aya kabuyutan di eta gunung.

SIMBUL KADUA
Aya ngaran lemah sagandu
Simbul ti kaler  = gunung pareugreug
Simbul ti wetan = gunung jagat
Simbul ti kidul  = gunung penuh
Simbul ti kulon = pasiringkik

         
Tapi ulah ngenah kukitu pon asal apal simbul eta teu apal hartina mun hayang apal ka simbul eta kudu apal kasiloka anu katilu nyaeta:
1. Dat
2. Alip
3. Satunggal
4. Sunda.

 
Nyaeta raga anu teu aya kaboga anu bakal kakeunaan ku ruksak ciri anu akhir keur bacaeun umat Sumedang ku walungan anu punjul 3, nyaeta:
1. Cisuwung rasa
2. Cilingga larang
3. Cigagak jalu


Pek tah eta ciri anu bukti teangeun umat sakabeh tapi kade yen dina ciri eta aya anu bakal mawa perkara keur umat kaula da ngarana oge alam rame.

Anu matak dimana geus apal simbul eta kudu ati-ati sabab manusa kudu pulang sampurna kanu kawasa kudu bisa ngahartikeun kami da kami beda jeung maneh. Pek teangan dina simbul ieu.
- Kami hirup jeung bisa ngahirupkeun
- Kami aya tapi maneh oge aya ngan beda jeung aya kami


Matak kami boga ciri anu beda jeung ciri maneh ari ciri kami aya, ari ciri maneh oge aya, ngan ayana kami beda jeung ayana maneh. Mun maneh hayang apal ka kami kudu apal kana bahasa kami anu kadua kudu apal kanu asal maneh ari elmu anu bisa apal ka kami aya perkarana nyaeta kudu apal caang saeunggeus poek, kudu apal seubeuh sanggeus lapar, kudu sare samemeh tunduh, jeung kudu hirup sanggeus paeh, kudu daek kuru cileuh kentel pejit. Jeung kudu apal peuting samemeh beurang, jeung sakabeh anu diayakeun ku kami, eta perkara kami. Hibar cahaya rasa kaula eta kabeh simbul bacaeun keur maraneh yen tetep ridho jeung barokah aya di KAMI.
carana:
- Kahiji Tasyakur, Tafakur, Tadakur.
- Anu kudua apal ka asal tina basa ka ibu ka rama anu ngandung jeung ngayuga tah tidinya datangna rido kami (Alloh SWT).
 
Jeung geus waktuna geura guar simbul kami di ieu alam meh maraneh hirup apal kana pangbalikan, mimiti maneh tapi, jalan-jalanna ulah jalan anu sasab tur salah kaprah, geura hartikeun anu hirup dina jasad maneh, jeung geura yakin naon hirup teh anu benerna, jeung maot teh kumaha. Pan manusa bakal keuna ku maot. Dimana ciri-ciri anu aya di tatanan Sumedang tos di marumule ku sewe putu jeung katurunan piraku tatanan budaya ki sunda teu aya dangiang kanggo kapayuna.

Komo mun tali asih ki sunda leres-leres di jungjung luhur ku etika jeung prilaku anu bener cek aturan anu tos arapal. Numawi kitu jati diri ki sunda ulah dugi ka amuradul komo mun ukur di pake kasab anu teu munasabah. Ki sunda tetep hoyong sabareungketan dina tatanan ki sunda supados urang sarerea leres aya anu bener-bener jati diri ki sunda anu tetep rek ngamumule ajen tatanan.

        
TAFAKUR
IEU GEURA TAFAKURAN
Isun amudang mudang rasa ku Alloh
Ku jabroil ana pating rasa wong sajagat kabeh
Tetep ideup kumadeup maring aku
Sangkari aningali sangka menang sangka malumet
Ya iku Abu Bakar, Umar, Amin, Usman, Ali,ila pating Muhammad Rosulullah, Rosululloh, Rosululloh salallohu alaihi wasalam


Bismilah Hirohmanirohim
Sang Ratu rasu rakina
Ka bapa manggung sajagat
Cahaya meneng ku cahaya sira
Adeleng meneng cek meneng
Banyu jejebu iles bayu
Cek cok bayu
Pangeran ratu jeneng ing manusa
Tetep idep maring isun
Sih nur asih ka awaking
Harmun putih nama rasu galunggung
si busu ciwang nama buyut pajajaran

 

- Silih raksa dina kahirupan ki sunda
Di tatar Sumedang jaman baheula sok aya syukuran anu di laksanakeun sataun sakali ku karajaan di Sumedang. Anu tepatna di payunen bale-bale karajaan anu tujuan ngalap barokah di eta karajaan.

Kabudayaan eta kiwari musnah geus mang ratus ratus taun. Ari syukuran eta dilaksanakeun rame jeung rahayat sa karajaan. Rahayat mawa rupi-rupi hasil bumi jeung kadaharan-kadaharan anu geus arasah di tiap tiap kapunduhan. Ari ti pihak karajaan nyadiakeun rupi-rupi tuangen jeung leueuteun anu maksudna kanggo ngajamu para raja ti luar anu ngiring aub ka raja anu keur gaduh syukuran. Bari nyumbang dana naon anu kirang di karajaan eta.

Ari acarana teu aya lian raja sok cumarita ka rahayatna yen ieu syukuran anu maksudna di eta karajaan muga sing dihibaran ku nu agung supaya karajaan repeh rapih jeung gemah ripah loh jinawi, teu kurang sandang pangan.

Pon kitu deui rahayat karajaan sing aya dina panangtayungan anu maha agung. Dijauhkeun tina musibah sarta tatanena mulus rahayu berkah salamet. bari raja jeung para ponggawana ngariung saamparan jeung rahayatna. Bari ngadoa manjatkeun puji sukur ka sanghyang Widi (Alloh) saparantos kitu rahayat ngayakeun arak arakan bari di pingpin ku raja. Nguriling lembur ningali kahirupan rahayat di jero eta karajaan.

Tah eta salah sahiji budaya sunda sumedang jaman karajaan pangeran sugih. Kiwari boro boro aya acaara budaya anu saperti kitu kadang kadang pangagung rahayat nukang nonggong jeung rahayatna....
Kukituna hayu kisunda urang hudangkeun deui dangiang kisunda.....

- Upacara Adat Ki sunda Nuju Jaman Raja-Raja
Ratusan taun katukang bahkan sababaraha abad katukang oge di Cipaku-Darmaraja. Sok aya hajat guar bumi anu hartina pangesi eta lembur sok mawa bibinihan anu bakal di tarieum ku rahayat di eta lembur contona binih pare, jaat, kacang wijen, suuk, jeung gondolo. Tah eta binih-binih anu bakal di pelak teh sok di hajatan heula di kapunduhan supaya eta binih the di jauhkeun tina sagala hama bari di doaan ku sesepuh di kampung eta.

Tah eta salah sahiji galib budaya ki sunda anu ayeuna geus parem ka terey ku oray liong. Cik ki sunda sing apalatuh kana tata titi duduga ki sunda meh kisunda kahibaran ku bahasa repeh rapih jeung kaanugrahan tinu maha agung....aamiin...

- Kasumedangan Sareng Kadarmarajaan   
Dina tatanan Sumedang Rame pada ngudag-ngudag elmu kasumedangnan oge kadarmarajaan bari can kaharti naon atuh elmu kasumedangan teh?jeung naon atuh elmu kadarmarajaan teh?. Pan elmu mah kanyaho sarua atuh mun kitumah elmu kasumedangan jeung elmu kadarmarajaan teh kudu nyaho Sumedang jeung kudu nyaho Darmaraja. Mun ceuk sareat mah kudu apal ka wewengkon Sumedang atawa Darmaraja. Ngan ceuk elmu mah pan lain kituda didinya mah kanyaho anu can nyaho kumaha atuh urang salaku kisunda tatar sumedang meh mibanda kasumedangan. Pan sumedang namah puseur kota karajaan anu katingali lahirna. Mun elmu sumedang ceuk simbul mah pan buni aya bahasa 
"nyumput buni bari nagrak" pon kitu deui elmu kadarmarajaan.

Ceuk siloka mun hayang kapanggih kudu apal kana siloka karuhun sumedang. Naon silokana? kudu deudeuhan jeung welas asih ka sasama bari jeung prakna : kitu deui ulah dek adigung adiguna asa aing pang pinterna jeung pang bengharna atuh lapur mun sipat eta masih di paribanda ku anu nareangan elmu kasumedangan pon kadarmarajaan.


UAR PANGAJAK KA WARGI–WARGI KISUNDA
Dina waktu kiwari kisunda tos lepas tina kadali-ugeran-jeung tatanan anu luluhur sumedang tos di wangsitkeun ku simbul jeung siloka anu geus jelas di tiap tiap tatanan leluhur Sumedang.

Tos pantes tur payus dina kiwari tatanan ki sunda urang babarengan ku pangagung jeung rahayatna di marumule boh simbul elmumah pon tatanan karamat makomna ulah dugi ka didamel hiji jalan keur dudunya bari ngarobah atawa nyalahgunakeun tatanan.

Numawi kitu hayu kisunda urang sauyunan dina jajaran-tatanan urang salaku ki sunda. Komo mun urang salaku kisunda maca kaayaan ieu pajamanan anu geus sakitu harenghengna. Da ieu alam dunya ku akibatna salah jalan jeung patekadan dina lalaku urang sarerea.

Pan aya paribasa mun hirup teu jeung elmu karana kabodoan bakal nimbulkeun karugian nyakitu deui sabalikna mun ngelmu teu jeung ngamalkeunnana sarua bae jeung euweuh hartina – anu maslahat keur sorangan atawa balarea...

- Panuhun Kisunda Dina Tawasul Sareng Angkat Deuheusan Ka Makom Karamat
Ki sunda nitip ka wargi-wargi bilih dina paniatan deheusan sareng tawasulan kade bilih aya anu kalangkung dina tatakrama urang sarerea. Da didieu kisunda sanes bade ngahalang-halang ka ki sunda : mung bilih aya paripaos ngan ukur pardu kasambut, sunat kalampah atawa puraga tambah ka denda.

Kisunda mepeling kade bilih ka langkung anu parduna nyaeta pidua ti indung jeung tirama margi indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat, punjung ibu- puja rama, do’a indung saluhur gunung puja bapa saamparan sagara. Kitu tah kisunda tapi punten sanes ki sunda mamatahan ngojay ka meri nitah hiber ka manuk sanes nembongkeun ujub ria jeung takabur, manawi bahan ka tampi, atuh mun sapagodos atanapi saamparan sareng ki sunda mangga candak simbul anu sae kanggo jalan kahirupan urang atuh bilih teu katampi supados di maklum.

Pan ceuk sakaol karuhun urang mun hayang panggih elmu kasumedangan, kadarmarajaan kudu apal heula Cipaku ari Cipaku aya arti sareat pon arti keur mibanda kasumedangan oge kadarmarajaan.

Naon atuh simbul ci-pa-ku mun nepi tafakurna bakal kapanggih ngan mun teu nepi ngabalukarkeun bacari jeung sabar. Ari Cipaku tina bahasa papaku ka umatna anu ngandung harti ”cicingan, pageuhan, kukuhkeun” kusimbul kaula. Anu rumasa ngadarma dina waruga sakabeh.

Kaol anu kadua kudu geus apal jeung bisa muka ku diri urang sorangan bari maca simbul leluhur urang. Leluhur Sumedang mibanda elmu anu linuhung pan ciri eta oge geus bakal kaharti ku urang sarerea anu bisa neleman nana.

Elmu kasumedangan teh bakal ka panggih mun apal Cipaku... tah rupina sakitu heula tabepun sanes takabur mung manawi bahan kanggo miharep saamparan supados ki sunda di tatar Sumedang aya dina kasinungrahaan, lahir batin ti pangagung rahayat dugi ka rahayatna.

- Tatakrama Tali Paranti Mun Seja Deuheusan Ka Karamat

Di tiap tiap makom karamat tos pasti aya anu ngajadi juru kunci di eta karamat. Anu turun temurun dugi ka ayeuna. Galib tata cara anu bade deuheusan sok ka juru kunci : nyuhunkeun di jajap ka makom karamat.

Kiwari tatanan eta seueur anu teu luyu dina paningal ki sunda dina teu luyuna. Jeung anu teu ngangge juru kunci. Kadangkala teu pamitan dina bade lebet ka makom oge, numawi kitu hayu ki sunda urang sing tarapti dina cara urang dehesan ka tatanan.

Meh katingalina tatanan ki sunda meh tartib komo mun urang sarerea dina deuheusan eta babarengan dina tawasul sareung du’ana. Pan maksad sareng tuuan urang teh ari hakekatna mah sami miharep rido Alloh jeung safaat Rosul oge karomah Wali jeung karamat leluhur, ngarep-ngarep kamulyaan dunya akherat tina rido Alloh swt...

 
ASALAMU’ALAIKUM WAROHMATULLOHIWABAROKATUH
BISMILLAHIROHMANIROHIM...
UAR PANGAJAK KA KISUNDA ANU SAMI DINA TATANAN LELUHUR SUMEDANG
Kapicatur jaman kiwari etika jeung nurani jalma geus pahili poho ka bahasa pamali jeung dosa. Naon tujuana ,didieu kisunda umajak ka rahayat sunda Sumedang, tos waktosna urang sarerea bumela ka tatananna anu kiwari tos teu inggis ku bisi rempan su sugan, galib budaya anu tos awut-awutan bari diparebutkeun caturna anu teu ngabukur kukituna pamugi rahayat ki sunda tos waktosna bebela ka tatanan sorangan.

Naon margina, nembe diluhur ku ki sunda tos di sabit yen jalma kiwari tos poho ka pamali sareng dosa. Anu balukarna balai ka dirina jeung ka wargina. Dina waktos kiwari tatanan di sunda Sumedang anu kawengku ku pangwangunan Jatigede anu mawa prihatin ka rahayat pon kana tatanan akar sejarah cikal bakal sumedang Purwa Carita-Sumedang Tembong Agung-sumedang Larang-pon kitu deui cikal bakal Pajajaran Galuh Pakuan, wiwitan samar samar atanapi khawatir musna di teureuy ku oray liong. Numawi kitu ki sunda uar pangajak ka masyarakat sunda Sumedang naha bade rido tatanan Sumedang musnah atuh kitu mah bohong urang salaku ki sunda hayang ngamumule tatanan jeung Sumedang bade didamel puseur budaya sunda “ari cikal bakal Sumedang di musnahkeun sarua atuh euweuh Sumedang teh mun kitu mah”.

Numawi kitu kisunda umajak ka rahayat kisunda hayu urang babarengan melaan tatanan urang anu dek dimusnahkeun. Kisunda didieu prihatin kana cikal bakal ayana Sumedang Musnah komo pan anu dek dimusnahkeun teh cikal bakal raja-raja Sumedang.

- Umajak
geus pantes tur payus rahayat kisunda melaan sarakana sorangan ku sarerea anu ka wengku ku Sumedang anu bakal jadi puseur budaya sunda, tur anu rumasa jadi rahayat sunda di tatar Sumedang,mung inggis ku bisi rempan ku sugan rahayat kisunda lepas tina saamparan jeung sabeungkeutananu ngabalukarkeun Sumedang teu puguh kamana jigna.

Tah kumaha urang salaku kisunda supaya adegan Sumedang utuh sabihara-bihari tet, Sumedang aya dina kaaslianana,ulah jadi parebut catur pabentar paham marebutkeun hasil jeungbatina bae.ari tatanan nana teu di piara atuh kitu caranamah lain dek mupusti atawa ngamumule,malahan rek diruksak jeung dipake jalan neangan kauntungan.

Atuh cilaka kitu mah tatanan ki sunda bakal musnah di ruksak ku sorangan, boro-boro mere conto ka urang deungeun ku simbul luluhur sumedang anu deudeuhan, welasan jeung asihan pon kitu deui tulung tinulungan ka anu lemah, pon susah gening ka tatanan jeung sarakan sorangan oge geus teu nyaah. Dek iraha atuh ngamumule jeung mikanyaah ka taneuh warisan karuhun urang anu sakitu nyaahna ka seke selern rahayat sunda.

CUMELUK KA RAHAYAT KI SUNDA

Dina waktos ieu ki sunda umajak ka paguyuban-paguyuban di tatar sumedang,bade kumaha cikal bakal Sumedang sakedap deui bade di musnahkeun ku ayana mega proyek bendungan Jatigede naha rido tatanan urang sarerea anu kiwari can puguh bakal kumaha-kumahana.margi dugi ka kiwari teu acan aya kajelasan naha bade dikumahakeun tah.”CIKAL BAKAL SUMEDANG”

Anu tatanan nana anu aya di wilayah genangan Jatigede cik atuh geura harudang yeuh rahayat kisunda ulah jaronjon teuing tuh anu bakal nileumkeun karamat cikal bakal sumedang geus natrat tararembong. Geura singkil-geura tandang geura bebela ka tatanan kisunda,ulah molotot mata haureun pon mata simeteun. Baraya ulah di jadikeun lawan pasea jeung batur sorangan bisi pajauh-jauh huma.

Anggur hayu urang saamparan sabeungkeutan dina melaan jeung silih belaan ulah ukur pinteur ngomong jeung nyiga-nyiga siga pangbenerna dina tatanan padahal nyumput buni dina caang padahal ngintip-ngintip neangan, balangah batur dek mak-mak mek-mek hayang pinter sorangan teh kiwari anu kitu uarang elingkeun sugan bisa, tapi mun teu bisa urang singkirkeun da ditatanan Sumedang Asli mah euweuh anu kawas kararitu.

Panuhun ti kisunda rupina sakieu pamuga uar pangajak ieu aya dina rido anu maha agung tur sapa’at rosul, miwah karomat leluhur Sumedang. Tawis paningal soca, pangrasa ati hampura anu di teda bilih seueur kaluluputan kalelepatan mugia di maklum.

0 komentar:

Posting Komentar